Minggu, 16 Desember 2012

Prabu Munding Wangi

Carita ti Limbangan
Ku : Aan Merdeka Permana
Prabu Munding Wangi
Raja Pamungkas Galih Pakuan
KARAJAAN Galih Pakuan anu perenahna di wewengkon Kacamatan Limbangan Kabupatén Garut, sanajan leutik tapi boga umur anu panjang. Geus aya ti abad 5 kénéh, diadegkeun ku Prabu Srimatikan Wrédikandar atawa Prabu Rumpah, turunan Tarumanagara. Ari rajana anu pamungkas, katelahna Prabu Munding Wangi, makamna aya di ponclot Gunung Pabéasan, wewengkon Selaawi, Kabupatén Garut.
PABÉASAN téh hiji ngaran gunung di wewengkon tonggoheun Kacamatan Selaawi, Kabupatén Garut. Kaasup gunung anu luhur da lamun urang aya di ponclotna, padataran handap Limbangan kaawaskeun kalawan écés. Di ponclotna aya makam kuna. Henteu kaurus da arang aya jalma anu ngalanto ka lebah dinya ari teu penting-penting teuing mah. Mun ku anu saliwat, moal kabireungeuh makam, sabab ukur gundukan batu, kitu gé geus marisah. Kaayaanana kacida barala ku rungkun, alimusa jeung tangkal cucuk. Tapi da loba urang Selaawi jeung Limbangan anu ngarasa yakin yén éta téh makamna Prabu Munding Wangi.

Ari Prabu Munding Wangi téh, taya lian iwal ti raja pamungkas Karajaan Galih Pakuan (1690-1695 Maséhi). Ngaran aslina mah inyana téh Sriyadipasti.
Sriyadipati atawa Prabu Munding Wangi téh putrana Sunan Rumenggong ti geureuha nu namina Walanis Wangi atawa Wahli Sartiningsi.

Walanis Wangi téh ogé mangrupa raina Prabu Adipatékan Jayakencana, nyaéta raja Karajaan Galih Pakuan saméméh Prabu Munding Wangi. Ku sabab Prabu Adipatékan teu boga turunan lalaki, singgasana karajaan téh ahirna dipasrahkeun ka alona atawa putrana pasangan Sunan Rumenggong jeung Walanis Wangi.

Karajaan Galih Pakuan téh bisa jadi karajaan nu umurna kawilang kolot di tatar Sunda. Ngadegna abad 5 atawa taun opat ratusan, eureun-eureun taun 1695 sabab dina taun éta pangaruh Mataram asup, jeung nagara dirobah jadi kabupatian.
“Karajaan mah terus hirup ngan teu kaambeu ku umum,” ceuk Sunan Rumenggong tina catetan-catetan tradisional. Teu kaambeu ku umum, atawa kurang katalingakeun ku balaréa, sabab sanajan umurna kawilang panjang tapi Galih Pakuan lain karajaan badag jeung salila ngadeg, sasat teu ngalaman kajadian-kajadian badag.

Sanajan umurna jauh leuwih kolot batan Pajajaran tapi basa Pajajaran ngadeg mah, Galih Pakuan téh kaéréh ka Pajajaran. Galih Pakuan boga kawajiban nganteurkeun séba ka Pakuan dina saban aya acara Kuwérabakti. Sanggeus Islam sumebar ka mana-mana, Galih Pakuan tetep hormat ka Pajajaran, ku jalan teu ngeureunkeun séba.

Padahal ti jaman Prabu Handé Liman Sanjaya, (putra Sri Baduga Maharaja), sacara pamaréntahan, Galih Pakuan geus leuwih déngdék ka Cirebon, batan milih biluk ka Pajajaran, sanajan ari ambarahayatna mah kabagi dua. Hartina, aya anu mémang milu déngdék ka Cirebon tapi ogé aya anu tetep satia-satuhu ka Pajajaran. Ti antara maranéhna, kungsi aya patelak urusan ieu, ngan henteu ari jadi patelak badag mah. Ongkoh sanajan milih biluk ka Cirebon, pamaréntahan Galih Pakuan henteu ngamusuhan Pajajaran. 

Sunan Rumenggong, datang ti wewengkon Banten, milu nyebarkeun Islam di wewengkon Galih Pakuan. Loba urang Galih Pakuan anu pindah agama, tapi aya anu keukeuh satia-satuhu kana agama karuhun. Tapi ku Sunan Rumenggong teu dikukmaha, teu dipaséaan.

“Da ari enas-enasna mah kabéh ogé tunggal sadulur, jadi tong alatan béda kayakinan jadi pacogrégan,” saur Sunan Rumenggong harita. Tapi kilangh kitu cenah, kungsi ari aya papaséaan tepikeun ka timbul galungan mah. Ngan mimitina tina urusan dadagangan. Sawaktu aya sabubuhan padagang muslim ti Banten ka Galih Pakuan, timbul patelak urusan nangtukeun tata-cara dagang. Ceuk ieu kudu ku cara tradisi karuhun tapi ceuk itu kudu ku tata-cara Islam, atuh sasama padagang béda paham agama téh paraséa, tilu bulan lilana aya riweuh-riweuh di Galih Pakuan sabab padagang urang Banten, ngeprak balad ti Banten. Eureun-reun sotéh ku kasadaran masing-masing pihak wé. Jiga ceuk ucapan Sunan Rumenggong téa, yén dina enas-enasna mah kabéh gé tunggal sadulur sanajan béda paham kayakinan ogé.

Sunan Rumenggong ogé datangna ti Banten ka Galih Pakuan téh, niatna mah jual-beuli, ngan selang-selang ti éta sok nyebarkeun agama. Malah ku sabab ari di kalangan pamaréntahan mah, pangagung téh loba anu geus muslim, atuh Sunan Rumenggong ogé loba hubungan jeung pangagung, tepikeun ka ahirna nikah ka raina Prabu Adipatékan, nyatana Nyi Walanis Wangi. Malah ahirna, nya putra ti ieu pasangan anu ka hareupna ngagantikeun raja, Prabu Munding Wangi, atawa Sriyadipati téa. Hanjakal, karajaan sanggeusdirajaan ku Prabu Munding Wangi, ukur nyésakeun umur salila lima taun (1690-1695). Nu jadi masalah, robahna pajamanan karasa pisan héabna. Mataram ajeg-pengkuh di wilayah Priangan, nancebkeun adeg-adeg pamaréntahan anyar. Tina karajaan, Galih Pakuan robah jadi kabupatian. Kitu gé ngaran Galih Pakuanana mah leungit, nya robah jadi Kabupatian Limbangan. *** Dicutat tina Majalah Ujung Galuh No. 13

Share

Komentar

Selamat Datang

1

2

3

Pengunjung

Flag Counter

SMS Gratis


Make Widget