Kamis, 13 Desember 2012

Salakanagara, Karajaan Munggaran di Nusantara

Meh saabad kaliwat, urang Sunda pareumeun obor, poek meredong. Teu timu ka tuturus, teu wawuh ka karuhun, teu apal ka asal. Pugag mapay raratan, teu nyaho sajarah sorangan. Matak teu aneh, najan geus ampir sadasawarsa basa Sunda sakarat ge, teu piduli ieuh. Katambahan ku katerangan ti nunulis dina buka sajarah Indonesia, ngan aya ; Kerajaan Tertua di Jawa Barat ialah Tarumanagara, dengan rajanya Purnawarman. Geus weh. Kawas Tarumanagara teh karajaan ciciptaan, Purnawarman raja kajajaden, teu puguh indung bapana.
Ti antara 30 juta padumuk Tatar Sunda taun 70-an , aya sababaraha urang nu eungeuh kana sajarah Sunda,nyaeta Drs.Atja (suargi) – jadi Kepala Musium Negeri Jawa Barat nepi ka taun 1982 – ngayakeun panalungtikan kalawan waragad pribadi. Dibarengan ku Drs. Saleh Danasasmita (suargi), Drs.Uka Tjandrasasmita (kiwari Doctor) – Kepala Musium Puseur Manten, R.Enoch Atmadibrata.

Taun 1985 ngadeg Sundanologi nu nuluykeun panalungtikan, diluluguan ku Prof.Dr.S.Ekajati alm (Guru Besar Sajarah UNPAD), jeung Prof. Dr.Ayatrohaedi (Guru Besar Arkeologi – UI). Gorehel kapanggih, geuning Sunda teh lain kajajaden, tapi boga karuhun nu tangtu, nu puguh galurna. Nu asalna ti India kidul. Baheula Dwipantara/Nusantara teh, pulo-pulo kosong. Nukapanggih ti beh ditu mula, jaba ti tulisan-tulisan dina batu, parungu jeung lontar, oge loba kapanggih naskah-naskah Sunda kuno. Aya naskah nu judulna NAGARA KERTABHUMI sarga I nepi ka V. 
Numangrupa gunggungan sajarah ti unggal wewengkon di Nusantara, nu ditulisna dikoordinir ku Pangeran Wangsakerta, turunan ka opat Sunan Gunungjati. 

Kanyataanana di Tatar Sunda ti taun 130 Masehi, geus aya karajaan.
Tah dina ieu tulisan bakal dipedar runtuyan sajarah Sunda, tamba kawaranan bae, bisi hayang nyaho, leupas tina pro jeung kontra, lumayan rada remeng-remeng ge teu ngabelegbeg teuing. Sanajan kawas tapak meri dina leuwi. 

Dina naskah kuno Nagara Krtabhumi (1685) bagian Pustaka Radya-radya I bhumi Nusantara, kacatet dina awal tareh taun Saka,daratang jalma (migrasi) ti Nagari Singa (Srilanka), Saliwahana, jeung Bengala di bumi Bharatawarca (India) ka pulo-pulo kosong di wewengkon Dwipantara (Nusantara) marake parahu. Mimiti anjogna ka Jawa Timur, tuluy ngulon ka Jawa Barat. Kanyahoan yen pulo Jawa tanahna subur, jadina beja pabeja-beja, atuh rajol narungtutan daratang ti Nagara Langkasuka, Saimwang, jeung Hujung Mendini (Semenanjung). Di antara nu daratang, aya nu asalna nu nagara Calankayana Jeung nagara Palawa ( di bhumi Bharata). Di antara pamanggulna aya nu ngaran Dewawarman. Inyana mangrupa duta ti Maharaja Palawa. Harita nu ngawasa di basisir Jawa Barat Beulah kulon (selat Sunda), Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya, De-mi Aki Tirem teh asalna teureuh nagara Yawana (India kulon),nu datang leuwih ti heula ka Jawa Barat. Aki Tirem teh putra Ki Srengga, Ki Srengga putra Nhay Sariti, Nhay Sariti putra Aki Bajul Pakel, Aki Bajul Pakel putra Ki Dungkul nu kulitna bodas, Ki Dungkul putra Pawang Sawer, Pawang Sawer putra Datuk Pawang Marga, Datuk Pawang Marga putra Ki Bagang, Ki Bagang putra Ki Nesan, asalna ti Yawana kulon. Desa nu dipingpin ku Aki Tirem, desa Salakanagara di basisir selat Sunda, kaasup wewengkon Pulasari, Menes ayeuna.

Aki Tirem kagungan putra istri, jenengan Nhay Pohaci Larasati ( gelar Nhay, robah jadi Nyi (hipotetif). Pohaci Larasati ditikah ku Dewawarman. Sababiahna, basa Dewawarman nyemah ka Salakanagara,. Harita desa keur diranjah ku bajo (bajak laut nu sok ngaranjah lembur-lembur di basisir).Geus mindeng sabenerna mah, ngan harita mah kabeneran balad-balad bajo loba pisan, datangna make 7 kapal layar. Nya kapaksa jagabaya Salakanagara babarengan jeung pasukan Dwawarman numpes eta bajo,nepi ka tumpur. Iwal saurang dua nu nyalametkeun diri ka tengah laut. Kabeh kapal bajo jadi barang rampasan. Reres perang, balad Salakanagara jeung pasukan Dewawarman ngayakeun pesta, sakalian nikahkeun Dewawarman ka Pohaci Larasati. Malah pasukan Dewawarman ge ahirna narikah ka wanoja-wanoja Salakanagara, nu gareulis pakulitan barodas. Saterusna anak baranahan, jadi rahayat didinya, teu marulang deui ka Palawa.

Taun 130 M. bulan ka opat, Aki Tirem tilar dunya. Otomatis korsi kapamingpinan dicekel ku Pohaci Larasati, nu ahirna dipasrahkeun ka Dewawarman, jadi puun desa. Dina mangsa kapamingpinan Dewawarman, Salakanagara beuki lila beuki maju, wewengknona ngalegaan, nepika ahirna jadi karajaan/nagara. Bisa kasawang, mun taun 130 M Aki Tirem pupus, sedeng harita geus kolot, geus lila jadi pupuhu desa. Mun ngukur umur wajar we. Mun harita Aki Tirem umurna 70 taun (bias leuwih), Meureun Aki Tirem teh mimiti jadi pupuhu taun 60 M. Hartina ti taun 60 M. di Sunda geus aya system tatanen, pamarentahan,jeung pertahanan, najan basajan(lain primitive). Dewawarman ngadeg raja salila 38 taun, ti taun 52 Saka-90 Saka = taun 130 M – 168 M.

Puseurdayeuhna di Rajatapura. Najan Salakanagara aya di basisir selat Sunda, hartina nagara maritime (cenah palaut nu balayar nepi ka madagaskar ge, ti dinya), tapi sistem Tatanen diutamakeun, ngahuma (lain nyawah). Nya kitu deui system pertahanan (aya pangalaman tina ngalawan bajo selat Sunda). Dewawarman boga adi lalaki duaan. Nu hiji ngaran Bahadura Harigana Jayasakti, dileler jadi raja daeah di Ujungkulon. Saurang deui, Sweta Liman Sakti, pamanggul jurit, dileler jadi raja daerah di Tanjung Kidul nu puseurdayeuhna di Agrhabintapura (wewengkon Cianjur kidul ayeuna).

Ti Prameswari Pwahaci Larasati, Dewawarman kagungan putra, nu saparantos rumaja dileler janten raja ngagentos anjeuna, katelah Prabhu Digwijayakasa (Dewawarman II) marentah Salakanagara nyakrawati bahudenda ti taun 168 M- 198 M. Di Palawa (samemeh ka Salakanagara) Dewawarman teh geus rarabi ka putri karajaan Singhala (jadi pwahaci Larasati mah nu istri kadua), Ti putri Singhala lahir Singasagara Bhimayasawirya, nu kapapancenan ngaganti Digwijayakasa, jadi raja di Salakanagara, dileler jadi Dewawarman III, ngadeg raja ti taun 195 M – 238 M. Putra cikal Dewawrman II, istri, jenengan Dewi Tirta Lengkara, ngajodo ka raja Ujungkulon (putra Bahadura), jenengan Dharma Satyanagara, engkena jadi raja Salakanagara ti taun 238 M.-252 M. dileler jadi Dewawarman IV. Putra cikal Dewawarman IV, istri nya eta Mahisa Suramardhiniwarmandewi, ngajodo ka Dharma Satyajaya, teureuh Sweta Limansakti,Dharma Satyajaya ngadegraja taun 252 M.- 289 M. gelarna Dewawarman V.

Raja Salakanagara saterusna nya eta Gayanadewa Lingga Bhumi, (putra cikal Dewawarman V) marentah ti taun 289 M – 308 M. Gelarna Dewawarman VI. Prameswarina ti India, ngarundaykeun turunan 6 urang putra/putri, tilu putra, tilu putri, Nu cikalna Prabhu Digwijaya Satyaganapati, dileler Dewawarman VII, marentah Salakanagara ti taun 308 M - 340 M. Ahli waris saterusna nya eta Spratikarnawa Warmandewi, Putri cikal Dewawarman VII diistrenan jadi raja Salakanagara taun 340 M.Parawan geulis ,pinter tur wijaksana . Sanggeus dalapan taun jadi raja, Sang Rani ngajodo ka dulur sabrayna nya eta putra Sri gandari Lengkaradewi (putrid Dewawarman VI nu nikah ka panglima nagara Palawa-India). Lengkara dewi datang ka Salakanagara ti India taun 346 M.ngungsi da karajanana dikawasa ku Maharaja Samudragupta, ti wangsa Maurya. Sakumaha biasa,salaki Spartikarnawa dipasrahan kalungguhan, jadi raja dileler gelar Dewawarman VIII. 

Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara ti taun 348-363 M. Dina mangsa pamarentahan Dewawarman VIII, kahirupan rahayat Salakanagara subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, towong rampog sepi paling,ayem tengtrem lalugina.Widang agama kacida majuna tur rahayat bebas nangtukeun agemanana, boh muja Wisnu atawa Syiwa. Sang Raja ngadegkeun tempat pamujaan (candi) pernahna teu pati jauh ti karaton -kira-kira di wewengkon Lebak Cibedug,kabupaten Lebak ayeuna, nu katangen ku pengindraan citra satelit minyak Amerika, gedena 2 kalieun Borobodur- jeung nyieun patung Syiwa Mahadewa nu badag make hiasan Mardhacandrakapala,jeung patung Ganesya (Ghayanadewa). Dewawarman VIII ngarundaykeun sababaraha urang putra. Nu cikal istri nya eta Iswari Tunggal Pertiwi Warmandewi, disebut oge Dewi Minati. Nu kadua, pameget ,nya eta Aswawarman, nu dirorok ti orok beureum keneh ku Sang Kudungga, raja Bakulapura,Kutai. Apan istri Dewawarman VIII nu kadua mah,ibuna Aswawarman, Dewi Candralocana, putri Sang Kudungga ti karaton Bakulapura. Putra nu katilu, istri deui, jenengan Dewi Indari, nu engkena ngajodo ka Maharesi Santanu, raja Indraprahasta (Cirebon kidul). Putra Dewawarman nu kaopat, ngalih ka Swarnadwipa (Sumatera), ngarundaykeun raja-raja Sriwijaya, di antarana Adityawarman.

Kulawarga Dewawarman, aya nu ka nagara Yawana jeung ka Semenanjung. Ari putra bungsu Dewawarman VIII digadangkeun jadi putra mahkota Salakanagara. Sabenerna Dewi Candralocana teh lain putra teges Sang Kudungga, tapi dikukut, da inyana teh putri saurang brahmana Calankayana (sawangsa jeung Kudungga) ti India. Engkena ngarundaykeun raja-raja di Jawa, Sumatera, Kalimantan, jeung Semenanjung. Katangen yen aya pakuat-pakait hubungan getih (dulur) antara Salakanagara, Kutai, jeung Sriwijaya. Wewegna kakulawargaan antara Salakanagara jeung Kutai, dicangreud pageuh ku ngajodona putri Kutai ka raja Salakanagara. Leuwih raket sabada Aswawarman dirorok ku raja Kutai (Sang Kudungga). Jadi mun nilik kana runutna dulur antara Salakanagara jeung Kutai ,sajaman jeung Dewawarman VIII. Cindekna di Sunda (Jawa Barat) lamun ngukur kana tareh Masehi, geus ngadeg karajaan 440 taun samemeh Jungjunan Alam Rosululloh SAW lahir. Hartina geus aya sitem pamarentahan, pertanian, pertahanan, jeung buniaga. Apan pangna daratangna jalma ti nagri Bharata (India) teh jaba ti ngungsi (nagarana diranjah deungeun, halodo panjang, jsb.) aya oge anu daragang (tukeur barang). cag

Ku : Drs.Asep Idjuddin

Share

Komentar

Selamat Datang

1

2

3

Pengunjung

Flag Counter

SMS Gratis


Make Widget